Kemis-Nyunda
Taun anyar, kudu leuwih ngamumulé deui basa Sunda.
Basa Sunda mangrupa bagian penting tina jati diri masarakat Sunda. Salah sahiji warisan budaya anu kudu terus dipiara nyaéta sistem pananggalan Sunda buhun, anu miboga ngaran-ngaran bulan jeung poé sorangan. Ku cara mikawanoh jeung migunakeunana dina kahirupan sapopoé jeung pangajaran di sakola, urang geus milu ngamumulé basa jeung budaya Sunda.
Cung urang Sunda ….
Ieu artikel medar ngeunaan ngamumulé Basa Sunda, hususna ngeunaan ngaran-ngaran taun, bulan, jeung poé dina kalénder Sunda. Tujuanana pikeun ngaronjatkeun apresiasi kana budaya Sunda jeung ngamumulé basa indung.

Pananggalan dina Tradisi Sunda
Dina kahirupan masarakat Sunda, dipikawanoh sababaraha sistem pananggalan, di antarana:
- Pananggalan Maséhi (Masehi) – dumasar kana panonpoé (solar).
- Pananggalan Hijriyah – dumasar kana bulan (lunar), raket patalina jeung kahirupan kaagamaan Islam.
- Pananggalan Sunda Buhun, anu ngawengku:
- Suryakala (solar)
- Chandrakala (lunar)
Dina ieu tulisan, fokusna nyaéta pananggalan Chandrakala, sabab miboga kabeungharan istilah basa Sunda anu kacida ajénna.
Pamilon urang Sunda, tangtu geus mikawanoh ngaran-ngaran bulan dina taun Maséhi, nyaéta:
- Januari
- Februari
- Maret
- April
- Méi
- Juni
- Juli
- Agustus
- September
- Oktober
- November
- Desember
Masyarakat leuwih museurkeun pananggalan kana sistem Maséhi sabab ampir dina sagala rupaning kahirupan ditangtukeun maké sistem angka anu aya dina almenak Maséhi.
Salian maké pananggalan dina almenak Maséhi, urang Sunda ogé leuwih apal kana ngaran-ngaran bulan Hijriyah kusabab rakeut jeung kahirupan urang Sunda anu mayoritasna nganut agama Islam. Ogé loba patalina jeung pasualan kaagaman. Pananggalan sistem Hijriyah anu geus dipikawanoh jeung ilahar dipaké ku urang Sunda, nyaéta:
- Muharam
- Sapar
- Mulud (Rabi‘ul Awal)
- Silih Mulud (Rabi’ul Akhir)
- Jumadil Awal
- Jumadil Akhir
- Rajab
- Rewah (Sya’ban)
- Puasa (Ramadan)
- Hapit
- Rayagung (Dzulhijjah)
Tah, ayeuna mah hayu urang mikawanoh kalender Sunda buhun.
Masyarakat Sunda buhun ogé migoga sistem pananggalan solar jeung pananggalan lunar anu ilaharna dipaké dina sistem pananggalan Maséhi.
Suryakala mangrupakeun sistem pananggalan solar. Sedengkeun Chandrakala mangrupakeun sistem pananggalan lunar.
Kukituna urang ogé geus sakuduna ngamumulé ngaran-ngaran bulan jeung poé numutkeun pananggalan Chandrakala, nyaéta
| No. | Bulan Sunda | Padanan Maséhi |
|---|---|---|
| 1 | Kartika | Januari |
| 2 | Margasira | Februari |
| 3 | Posya | Maret |
| 4 | Maga | April |
| 5 | Palguna | Méi |
| 6 | Sétra | Juni |
| 7 | Wesaka | Juli |
| 8 | Yésta | Agustus |
| 9 | Asada | September |
| 10 | Srawana | Oktober |
| 11 | Badra | November |
| 12 | Asuji | Desember |
Cik, ayena ngaran-ngaran dinten numutkeun almenak Sunda aya nu uninga teu?
Salian ngaran bulan, pananggalan Chandrakala ogé miboga ngaran-ngaran poé sorangan:
| No. | Poé Sunda | Padanan Indonésia |
|---|---|---|
| 1 | Radite | Ahad |
| 2 | Soma | Senén |
| 3 | Anggara (Arya/Kala) | Salasa |
| 4 | Buda | Rebo |
| 5 | Respati | Kemis |
| 6 | Sukra | Jumaah |
| 7 | Tumpek | Saptu |
Ngaran-ngaran poé ieu loba kapangaruhan ku tradisi Sanskerta, anu ogé kapanggih dina budaya Nusantara lianna. Dina kahirupan Sunda buhun, ngaran poé mindeng dipaké pikeun nangtukeun waktu anu hadé pikeun kagiatan adat jeung tatanén.

Tah éta ngaran-ngaran bulan jeung poé dina pananggalan Chandrakala.
Urang Sunda tangtu kudu ngamumulé basa Sunda.
Ku mikawanoh ngaran-ngaran taun jeung poé dina pananggalan Sunda, urang henteu ngan saukur diajar istilah, tapi ogé ngahargaan jati diri jeung sajarah karuhun Sunda. Ku kituna, geus jadi kawajiban urang sadaya pikeun terus ngamumulé basa Sunda dina widang atikan jeung kahirupan sapopoé.

Tinggalkan Balasan
Anda harus masuk untuk berkomentar.