Diserat ku: Bu Iseu Suwaibah, S.Pd.I.
Diajar Basa Sunda sareng Bu Iseu–Bagian Kahiji
Kecap asal nyaéta kecap nu tacan diropéa wangunanna atawa kecap weuteuh anu henteu dirarangkénan. Unggal kecap diwangun ku engang (suku kata). Dina saengang ngandung 1 aksara vokal (a, i, u, é, o, e, eu).
A. Kecap Saengang
Conto
Keur : keur (ngandung 1 aksara vokal “eu”)
Jeung : jeung
Mun : mun
B. Kecap Dua Engang
Conto
Kandang : kan – dang
Maung : ma – ung
Tina : ti – na
Beusi : beu – si
Reureuh : reu – reuh
C. Kecap Tilu Engang
Conto
Patani : pa – ta – ni
Jandéla : jan – dé – la
Tah eta pangajaran anu kahiji. Ayena urang diajar kana pangajaran Kalimah Pananya.
Kalimah Pananya
Diajar Basa Sunda sareng Bu Iseu–Bagian Kadua
Kalimah pananya nyaéta kalimah anu eusina nanyakeun hiji hal. Boh nanyakerun barang, tempat, waktu, atawa cara.
Ciri kalimah pananya nyaéta ditungtungan ku tanda tanya (?) sarta biasana ngagunakeun kecap pananya.
Dina kalimah pananya sok ngagunakeun kecap pananya saperti kecap : Naon, saha, Iraha, mana/kamana/di mana, kumaha, kunaon, sabaraha/sakumaha jeung naha.
- Kecap pananya-naon gunana pikeun nanyakeun barang atawa benda.
Conto kalimah: Naon anu dicepeng ku Ani?
2. Kecap pananya-saha gunana pikeun nanyakeun jalma.
Conto kalimah: Saha nu teu lebet sakola dinten ayeuna?
3. Kecap pananya-iraha gunana pikeun nanyakeun waktu.
Conto kalimah : Iraha badé angkat ka Bandung?
4. Kecap pananya-di mana/kamana/ti mana gunana pikeun nanyakeun tempat.
Conto kalimah: Di mana aya pasar malam téh?
5. Kecap pananya-kumaha/kunaon gunana pikeun nanyakeun kaayaan.
Conto kalimah: Kunaon néng ceurik?
6. Kecap pananya-sabaraha/sakumaha gunana pikeun nanyakeun jumlah atawa ukuran.
Conto kalimah: Sabaraha jumlah murid kelas 3?
7. Kecap pananya-naha gunana pikeun nanyakeun kajadian.
Conto kalimah: Naha bet bisa jadi kieu?
Kumaha diajar Basa Sunda sareng Bu Iseu? Gampil, kan …